Wordpress versi Basa Sunda
Teuing telmi (telat mikir) atawa memang kakara muka deui situs keur ngundeur Wordpress. Atoh pisan jeung matak reueus yeuh! Katenjo aya Wordpress versi Basa Sunda salian versi Bahasa Indonesia. Teu loba mikir deui gancang we diundeur. Alus download ditarjamahkeun jadi undeur, cocog pisan tah! Tetela jaman kiwari Ki Sunda geus maju nepi ka medalkeun salah sahiji cara keur mudal keun eusi hate jeung pamikiran ka na blog. Mangga ilikan kecap anteuran di situsna, mangga:
Wilujeng Sumping
WordPress téh mangrupa platforma pamedal semantis pribadi nu jembar tur linuhung, anu neundeun perhatian kana éstétika, kabakuan wéb, sarta kagunaan. WordPress miwatek haratis sakaligus mibanda ajén nu taya papadana.
Cindekna, WordPress nyaéta nu ku anjeun diperlukeun mangsa anjeun migawé pagawéan ngeblog, moal ngahésékeun….
Kangge ngawitan (hapunten masih teu acan leres ieuteh undak usukna, ma’lum diajar keneh) ngundeur mangga sumping ka http://su.wordpress.org/. Di handap aya conto Wordpress versi Basa Sunda.

Popularity: 8% [?]
Related posts:
Ceuk uing kabeh jalma mah moal masagi, can masagi. Pastina di na hirup jelema pasti aya anu leuwih masagi batan anu masagi. Di luhur langit aya langit. Di luhur sagala na ngan aya Allah SWT.

Desember 23rd, 2008 at 21:46
euleuh-euleuh geuning enya aya oge nya ..
alhamdulillah, bangga abdi janten urang sunda..
niring bingahna ah ka dulur sadaya.
hatur nuhun kang Can ieu info na..
Desember 24th, 2008 at 08:08
Iraha Kang bade ngotret blog ngangge Basa Sunda?
Desember 24th, 2008 at 08:32
Hayu kang, urang ramekeun wp persi sunda…, sae asana aya urusan IT ditulis ku basa sunda…
Januari 8th, 2009 at 11:47
kumaha upami aksarana ngangge aksara Sunda…. meureun hese dibaca jigana
Januari 9th, 2009 at 09:29
@Adit
Puguh ieu ge rada ngatog, asa araneh kitu tah!
Maret 8th, 2009 at 12:54
mani reueus…
sunda pisan nya, nyerat versi oge mani persi